Naha anjeun masih keneh
    waktu munggaran urang patepung
    harita teu dihaja kuring neuteup anjeun
    tapi ku anjeun dibales imut jeung someahna

    Naha anjeun masih keneh inget
    waktu anjeun keur hayang wawuh ka kuring
    geus wawuh hayang wanoh
    tepikeun anjeun wakca balaka ngangken tresna

    Naha anjeun masih keneh inget
    waktu anjeun keur kaedanan ku kuring
    waktu anjeun keur ngudag-ngudag kuring
    tapi kuring tetep teu mere hate

    Dimana,…kumaha anjeun ayeuna
    meureun anjeun geus poho ka kuring
    hampura ……kuring kakara inget ayeuna
    ceuk beja anjeun geus jugala di ibukota.

    (TS)
      

    emoticon

    Keur : Neng "TM" ( Nu teuing aya di mana? )