Kuring didieu keur nangtung
Nangtung di tungtung kabingung
mapay - mapay raratan hate
ngarasa cape tur hayang mulang
mulang ka lembur tempat nu pinuh kaasih
geulis kuring seja tumaros
naha hanjuang beureum masih anteb
na tatapakan Hate
laratanna Kuring harita geus pasini
bakal nyampeur deui harepan urang
geulis,
mun enya teh kuring bisa mulang
hayang dipapag ku jatining ati
ku seungitna kaemasan asih urang
Duaan
