Cipanon
    Geus teu ngari
    Bahe saban usik
    merebey mapay - mapay walungan
    ngancik di sagara rungsingt

    Kingkin
    tan kendat jadi batur ulin
    napak di lemah
    tan kendat ngocoran pikir

    Clak…..ngeclak
    cikaracak……..
    rup……rungrum…………
    sukma alum
    anjangkeun
    ka dayeuh
    sawarga rasa

    ti: anna